LIS, AYEUNA … .
Carita pondok Suhara
“Saha nu hoyong pisah … ” pokna mimiti lewa-lewe.
“Kanyataan memang mindeng mengpar tina implengan, Lis!” tembal Asep ngarerema buah hatena nu mimiti ramasbas.
“Lis alim diadu-adu masalah cinta, Kang …. Lis hoyong nangtukeun pilihan sorangan!” Cimata nu murubut katadah ku sajadah jeung mukena nu dikeukeuweuk. Leungeun kencana ngaragamang kana lampu tempel luhureun meja. Ter diputerkeun ngarah beungeutna kapoekan.
“Tapi Akang oge alim ngajaheutkeun manah sepuh Lis. Akang sieun janten mamala di kulawargi Lis ….”
“Akang nyaah ka Lilis?”
“Langkung ti nyaah ….”
Najan dina remeng-remeng kalangkang kap lampu kageulisan Lilis karasa bengras jero dadana. Cipanon nu maseuhan pipi nambahan tingtrim atina. Lilis … asih anjeun wuwuh wening, cinta anjeun estu sajati. Hanjakal, Lis baris dijodokeun ka Kang Dudung, mahasiswa tingkat tilu di Jakarta. Padahal aing nu tiheula wawuh jeung hatena … gerentes Asep.
Sora adzan isya ngagebah nu keur palid dina rarasaan sorangan.
“Bade ka masjid deui, Lis?” pokna nyimbutan kareuwas.
“Henteu, ah. Pulang. Ke sakedap deui ngarah pas sareng bubaran nu ti masjid”
“Sok ngabadung …”
“Sakali-sakali.”
Duanana amitan ka pribumi nu ti tadi ngaringkeb di kamarna. Duka ngapalkeun duka nyakcak. “Hayu, Tet, pulang heula nya? Pinjem Fisika atuh, isuk deuk ulangan.”
“Heug! Urang oge tadi jam terahir, harese …” tembal Teti sobat Lilis tibarang SD.
Ngalengkah bareng handapeun payung karasa sejen endahna. Hujan nu titadi ngaririncik nambahan betah nu keur kasmaran, pageye-geye silih talingakeun bisi tikosewad. Duanana pisah di jalan cagak nu mongkleng karungkupan jangjang peuting.
***
“Asep,” nyeh seuri.
“Mida,” tembalna, imut manis bari ngabedol ranggeumanana tina ramo Asep. Padahal papadana ge geus pada apal, tapi ukur semet ngaran, da ka jirimna mah karek wawuh harita.
“Apal Akang oge!”
“Abdi oge terang!”
“Ti saha?”
“Ti Teh Dewi rerencangan di Puskes.”
“Akang oge terang ti Teh Dewi; istri Pa Agus, rerencangan di sakola.”
“Kutan …? mani seragam!” pokna darehdeh, “mangga linggih!”
“Tos lami damel di Puskes teh?”
“Nembe oge dua sasih, dupi Akang?” malik nanya bari mairan cai.
“Nembe dua taun ….”
“Sanes nembe atuh dua taun mah, senior!”
Teu nyalahan geuning omongan Teh Dewi teh. Mida memang manis! Mida kewes, pantes! Hatena ngagerentes.
“Eh, moal aya nu apel ieu teh?” panalek jugjugan mimiti kaluar, api-api teu nyaho.
“Moal aya nu apel ka dieu mah, teu aya nu kersaeun!”
“Kutan? kumaha upami Akang apel?”
“Ah, teu kedah nyesahkeun, sawios!”
“Teu sesah teu sing. Malih mah atoh we nu aya”
“Biasa pameget mah … .”
“Biasa kumaha?”
“Gombal!”
“Akang serius, Mid ….”
“Mida oge serius ….”
“Teu percanten?”
“Sanes teu percanten. Mida mah sok sieun ….”
“Akang serius, Mid … . Mida gaduh masa lalu?”
Sirahna Mida unggeuk. Teuteupanana jadi ceuleuyeu.
“Mida sieun mangsa kapengker karandapan deui….”
“Kuciwa?”
Sirahna unggeuk deui.
“Akang oge sami, Mid. Sieun….”
“Gagal?”
“Ya!” tembalna handap.
Gep ramo nu lucir lencop teh dicekel. Dianyamkeun jeung ramona sorangan. Mida teu sing nolak. Teup paadu teuteup. Aya deudeuh nu ngunial dina dasar ati papadana. Aya asih nu seseleket sumeleket dina lolongkrang hate duanana. Karasa na dirina aya geter nu geus lawas ilang.
“Urang pungkas kegagalan masa lalu, oke?”
Sakali deui sirah Mida unggeuk.
“Mangga ngaleueut ….”
***
Celengok budak teh dicium deui. Hate Asep beuki ngaleketey. Yatim geuning Euis teh! Mamah tos mulih geulis…. Cimatana katangen ngembeng. Hirup karasa leungiteun udagan. Kabagjaan nu ligar tacan lana kiwari geus ampih deui, dipulut ku anu ngaturna. Hatena neungteuinganan, nganaha-naha kana nasib nu karandapan; kana lalakon hirup nu manjing kana dirina. Komo lamun mireungeuh anakna leumpang muru lawang kamar, bari ngagegero indungna, Mamah …. Mamaaaahhh …. Hatena runtag. Cocoba karasa taya kendatna.
Opat taun katukang manehna nyandingkeun Mida; wanoja nu sanggup ngahudangkeun deui sumanget hirupna sanggeus dua taun katalangsara alatan kudu pisah jeung kakasihna.
Teu bisa mungkir memang, lamun hatena teu sanggup pikeun miceun hiji ngaran nu geus nanceb dina atina salila tujuh taun; Lilis! Lilis nu disabaran ti barang sakola di SMP ahirna memang teu kapimilik. Najan geus turun amis cau, manjing dewasa tur lulus sakola di paguron luhur. Kolotna taya riuk-riuk pikeun do’a ngahijikeun anakna ka manehna.
Mida nu dipupusti pikeun bisa ngaganti Lilis dina hatena kiwari geus ninggalkeun. Mangsa manehna mimiti narima kana kaayaan tur sanggup leumpang nurutkeun jalan nu sakuduna disorang. Mangsa atina bisa narima asih wanoja sejen, sanggeus sababaraha kali bolay. Mida nu ihlas, Mida nu ngarti kana kaayaan dirina nyatana teu dibere lana dina marengan hirupna.
“Pa … hoyong ka mamah ….” anakna ngarenghik deui hese dibebenjokeunana.
“Yu, urang ka mamah, yu …, yu geulis….” Yeyet, adina, nu sok hideng ngarandeh, ngajewang budak tina keukeupanana.
Sup sirahna diasupkeun kana sela-sela leungeun nu sidakep luhureun tuurna. Karasa aya nu haneut nyuruluk kana pipina. Dina hihideung matana ngalangkang deui Lilis nu kungsi diteken sangkan ilang tina hatena. Lilis nu geus ngarebut poe-poe endahna; beulahan jiwana. Lilis nu panggih deui dina seminar Profesionalisme Guru, kiwari masih keneh hirup nyorangan; Lilis nu angger manis …..
Hatena galecok deui.
“Tapi sepuh Lilis pageuh … .”
“Lilis oge tiasa langkung pageuh, Kang!”
“Lilis sanggem sabarna?”
“Insya Allah.”
“Dugi ka iraha?”
“Nyanghulu ngaler!”
Ngajelengeng deui kana ceulina jangji buah hatena nu dikedalkeun duapuluh opat taun katukang mangsa sakola di SMA. Sakali-sakali beungeutna ditanggahkeun. Karasa teuteupanana deukeut. Surem. Sirahna karasa beurat. Cisanggarung nu ti tadi seah kiwari kakara kadenge. Langit nu ceudeum nambahan poek hatena.
“Naha bet mupusti tresna, Lis?”
“Cinta Lilis hamo bisa dibagi-bagi, ukur keur saurang.”
“Ulah teuing nyiksa diri, Lis ….”
“Batan hirup munafik, leuwih kasiksa….”
“Mun Akang teu sanggup sabarna …?”
“Lis ngantos duda Akang ….”
Sakali ieu karasa sirahna beuki beurat. Luareun kasadaranana leungeunna ngaragamang kana buukna nu pasiksak. Siku duanana diteueulkeun kana tuurna. Ramona hideng ngajambretan nu pasiksak. Teuing sabaraha hiji kuntung nu patulayah gigireunana. Tempat nu welasan taun ka tukang mindeng dipake ngumbar lamunan kiwari deukeut deui jeung hatena. Jung nangtung. Leumpang rampohpoy mapay-mapay sisi walungan lebakeun imahna. Lis, hampura Akang, Akang duda …. Tina geter biwirna aya sora kacindekan anyar: Lis, ayeuna ….
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar