Langit Jakarta
Tanggah di Senayan
Ditiung koran handapeun langit bayeungyang
Mindoan lampah katukang, demi anak bangsa
Bajoang!
Kuring kapaksa datang
Jeung pangharepan wadia balad pohara
Samakta pangabisa, rebo kanyaho
Ngageuing para guriang
Boa inohong angger darengdek
Di padumukan nu salawasna bener
Sora urang hawar-hawar
Ukur aweuhan
Angin kamarudahan awor jeung heabna metropolitan
Kuring teu rumasa,
ngatik kabalingeran … .
Langit Jakarta, langit urang
Bayeungyang Jakarta, bayeungyang sarerea
Terus bajoang!
Samagaha bale rahayat
Sarebu panalek pagaliwota
Nimpalan sora rupa-rupa waditra
Tanggah di Senayan
Ditiung koran handapeun langit kaangkuhan
Ngatik anak bangsa, miharep kadariaan
Dunya atikan urang.
1 komentar:
teu sia-sia tanggah di senayan teh Akang, ayeuna hasil perjoangan guru mulai di dangukeun ku nu dibendo. Hidup Kang Guru
Posting Komentar